Zhagle Kelana

zhagle

sms sunda

assalamu"alaikum WR.Wb,

Sms Bahasa Sunda :
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum taqobalahuyakarim..

bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 143.. H


Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam


Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 143...H,


kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam
Taqobalallahu minaa waminkum


Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”

Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,

bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun samudaya kalepatan,

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya..
Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam


Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam


Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun


Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam


Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi iman sareng taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum


Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam.


Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim.


Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. wilujeng boboran
Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan.

Neda sihapunten
Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeun, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.


Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 143……H ku kabungahan tur kaikhlasan.